Hiji
poé Si Kabayan jalan-jalan. Manggih tangkal nangka di kebon batur.
Nangkana geus aya nu asak. Si Kabayan kabitaeun. Atuh térékél wé naék
kana tangkal nangka. Nangka nu geus asak téa diala, terus dipurak dina
luhur tangkal. Keur kitu torojol nu bogana. Si Kabayan digebah.
“Hoyah, Si Kabayan maling nangka!”
“Henteu, da,” témbal Si Kabayan.
“Éta geutahna dina biwir, rapet?”
“Henteu, da diminyakan,” témbal Si Kabayan deui.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar